Translate

Tuesday, April 23, 2013

Naskah drama sunda


Rumah tangga pabaliut
              Dihiji desa aya suami-isri anu kacida mesra tur harmonisna. Dihiji waktos abah sareng ema nuju ngobrol payuneun teras.
Ema       :”Abah… ieu kopi sareung goreng huina mempeng haneut keneh”
Abah      :”Muhun Ema, sayang , kela sakeudap”
Ema       :”Alah tong so ijutlah pake sayang-sayangan sagala! Buru ieu kopi bisi kaburu tiis”
Abah      :”Meni bawel ari ema, iu abah the nuju dangdos heula”
(Abah datang turuy diuk jeung nginum kopi)
Abah      :”Ema, kamana si eneng?”
Ema       :”Duka atuh bah, di kamarna keneh panginteun!”
Abah      :”Geura geroan atuh, geura sarapan kitu!”
Ema       :”Eneng… eneng… buru sarapan heula!”
Eneng    :”Muhun Ema, kela sakeudap”
(Eneng datang turuy sarapan, tos beres sarapan)
Eneng    :”Ema, Abah, eneng angkat heula nya”
(Bari sungkem)
Ema       :”Jug, di do’a keun ku ema, sing pinter tur solehah”
Abah      :”Enya, jug enggal sing salamat di jalanna”
Eneng    :”Eh.. kela aya nu poho! Mana ongkos jeung duit jajan?”
Ema       :”Alah heueh.. ema teh poho, jug menta ka si abah!’
Eneng    :”Abah nyungkeun artos atuh eneng”
Abah      :”Kela da abah na ge can meunang gaji, kela urang pilari heula na kopeah!”
Eneng    :”Buru atuh, Bah bisi kasiangn Eneng”
Abah      :”Neng, aya na ge ngan sakieu, pek candak sadayana!”
Eneng    ;”Ari Abah, duit sakieu mahi kanu naon?”
Abah   :”Bisa mayar pak ogah neng! Ari si eneng teu ngarti pisan, nyaho abah the can boga duit”
(Si eneng angkat bari jubras-jebris)
Abah   :”Ma, abah angkat heulanya!”
Ema     “Nya atuh jug, Bah kade di jalanna!”
(Ema sungkem)
Di warung
Ceu Titi            :”Ah cape geuning beberes the, sing laku we ah!”
Neng Irna        :”Punteun!”
Ceu Titi           :”Mangga”
Neng Irna        :”Bu, ari gorengan aya?”
Ceu Titi           :”Muhun aya, Neng seuer, mangkaningan ieu mah gorenganna ge maknyoooossss … pisan!”
Neng Irna        :”Muhun atuh, Bu bade nyobian ah..”
CeuTiti             :”Mangga..mangga, bade sabarahaeun Neng?”
Neng Irna        :”Sapuluh rebueun, campurnya, Bu”
Ceu Titi           :”Muhun kela sakeudapnya Neng”
Ceu Mega        :”Eceu… eceu….”
Ceu Titi            :”Hah?  Aya naon? Aya naon?”
Ceu Mega        :”Aya ayur? Aya sayur?”
Ceu Titi            :”Ikh… si Eceu mah riweh we, ngareuwaskeun wae”
Ceu Mega        :”Eh… si Eceu mah siga un teu apal abi wae”
Ceu Titi           :”Oh.. heueh poho , sok atuh geura borong ieu sayur mempeng sareuger keneh”
Ceu Mega        :”Kela atuh urang cek heula duitna!”
Ceu Titi           :”Neng, ieu gorengan nana”
Ceu Mega        :”Eh, nyai sahanya? Asa nembe mendakan?”
Neng  Irna       :”Abi teh nembe ngalih ti kota kamari!”
Ceu Mega        :”Oh… atuh aya imah anu jarangkung, bari kaca na karinclong , jeung aya emasan di luhur na!”
Ceu Titi           :”Namina teh naonnya? Molen tea sanes?”
Neng Irna        :”Sanes molen ibu, Monas panginteun!”
Ceu Titi           :”Oh… heueh eta we lah”
Ceu Mega        :”Ari nyai bumina di mana?”
Neng Irna        :”Rt 5, Rw 3, 10 nomor rumahku, tah eta teh di perumahan kencana mukti anu elit tea ibu…ibu…” (bari nyanyi)
Ceu Mega        :”Eceu ari elit teh naon?”
Ceu Titi           :”Teu nyaho? Eh sarua abi ge teu nyaho”
Neng Irna        :”Hari gini gak tahu elit? Elit teh ibu-ibu imah anu mahal anu tingkat, karinclong, teu jiga didieu imahna bilik… bilik… bilik…”
(neng Irna melongkeun si abah)
Ceu Mega        :”Heh abah! Ngiceup ingeut anak, pamajikan di imah!”
Neng Irna        :”Eh.. Ibu-ibu abi uih heulanya”
Eceu-eceu        :”Mangga…mangga…. Mangga”
(Saatos Nang Irna angkat)
Ceu Mega        :”Eh.. Eceu, itu meni sombongnya? Saha sih ngarana teh? Eta si neng anu tadi”
Ceu Titi           :”Oh.. heueh meni gede hulu abong ti kotanya?”
Ceu Mega        :”Eh Ceu ieu sabarahaeun?”
Ceu Titi           :”lima rebueun ceu!”
Ceu Mega        :”Ieu ceu, hayu ah rek masak heula”
Ceu Titi           :”Nuhun ceu, mangga…mangga”
Di kebon
Abah               :”Sahanya eta nyai, meni geulis , siga kembang desa!”
(ngalamun)
Ema                 :”Eh… ari si abah lainna digawe, kalah ngalamunnya”
(Ema nyamperkeun abah)
Ema                 :”Abah… Eh kalah ngalamunnya?”
Abah               :”Eh Ema!”
Ema                 :”Ieu sangu kaburu tiis”
Abah               :”Muhun ma. Eh ma, tadi teh abah teh papendak sareng istri di warung na si eceu meni geulis pisan, sahanya? Abah ma kerek mendakan”
Ema                 :”Abah ma ari kanu herang mah meni geuwat”
Abah               :”Tenang Ma, da hate abah mah hanya untuk ema”
Ema                 :”Ah… gandeng si abah ma ngagombal wae. Enggal seepkeun ema bade uih”
Di bumi
Eneng              :”Bah, geus boga duit can ayeuna?”
Abah               :”Gusti ieu budak pagaweannana ngan menta duit we jeung duit”
Eneng              :”Ih ari abah apanan eneng hoyong meser Hp anu bisa di toe-toel”
Abah               :”Naon ari enang? Emang na aya Hp anu bisa dikitu-kitu?”
Eneng              :”Abah meni kamseupai”
Abah                :”Naon Neng sampe upai? Aneh-aneh wae ari eneng?”
Eneng              :”Ah lieur ngomong jung si abah ma teu nyambung, kamseupai bah, kamseupai!”
Abah               :”Heueh lah kumaha eneng we lieur abah mah teungalalarti”
Ema                 :”Aya naon ieu meni garandeng?”
Abah               :”Tah si eneng pamenta teh meni araneh wae, jeung bahasana deui sampe upai-sampe upai we”
Ema                 :”Tos atuh tong saruana aria bah”
Neng Irna        :”Punteun. Asslamualaikum…”
Ema                 :”Waalaikumusslam… kela sakeudap”
Neng Irna        :”Ibu, ieu abi aya rejeki sakedik”
Ema                 :”Hatur nuhunnya Neng”
Abah               :”Eh si neng geulis tea geuning”
Ema                 “Eh abah nyarios naon tadi?”
Abah               :”Heunte ari Ema, hayu ah asup yuk”
Enjing na deui di sawah. Si abah keur macul, neng Irna ngalangkung.
Neng Irna        :”Assalamualaikum, Bah”
Abah               :”Waalaikumsalam… eh neng geulis”
Neng Irna        :”Nuju naon, Bah?”
Abah               :”Ieu nuju macul we neng, bade kamana atuh neng?”
Neng Irna        :”Bade ka warung Bah!”
Abah               :”Bade dijajapkeun ku abah?”
(Abah sareng neng Irna ngobrol duaan)
Ceu Mega        :”Itu teh si abah… jeung saha eta? Oh enya jeung si eneng orang kota tea! Ari si abah meni gumasep pisan tengteuingeun geus kolot teh nya?”
Ceu Mega lumpat ka warung. Di warung.
Ceu Mega        :”Eceu… Eceu… itu.. itu si abah…”
Ema                 :”Aya naon? Aya naon? Kunaon si abah?”
Ceu Mega        :”Itu.. eh… kela poho deui”
Ema                 :”Buru atuh Eceu! Aya naon si abah?”
Ceu Mega        :”Eh heueh, tadi abdi mendakan si abah ngobrol jeung awewe geulis anu ti kota tea”
Ema                 :”Wah maenya? Salah ningal merenan?”
Ceu Titi           :”Heueh eceu bener, dan tadi ge abdi ninggal teh keur duaan we”
Ema                 :”Ih.. lain si abah eta mah meren”
Ceu Titi           :”Eh ari si ema mah dibejaan teh, tuh tingal we ku sorangan!”
Torojol si abah jeung Neng Irna.
Ema                 :”Abah! Teu hayang nyaho ema mah”
Abah               :”Eh ema… lain ma lain”
Ema                 :”Gandenglah tong loba ngomong eta geuning buktina!”
Abah               :”Heunte ari ema, tong sok salah sangka nanaon teh”
Ema                 :”Da gara-gara ieu yeuh awewe ganjen!”
Neng Irna        :”Eh ibu saha anu ngamimitian teh?, itu tuh si abah un ngagoda abdi!”
Ema                 :”Ah.. gandenglah da geus ka buktian”
Eneng datang.
Eneng              :”Aya naon Ema, Abah? Teu isin pasea didieu?”
Ema                 :”Eta tah si abah, ka goda ku awewe kota nu ganjen”
Neng Irna        :”Eh punteunnya, Bu abdi mah sanes awewe ganjeun, tah si abah na we anu ngamimitian”
Abah               :”Geus ema tong pasea didieu era, hayu urang uih”
(Abah salah metot)
Ema                 :”Abah tuh kan! Abah mah”
Abah               :”Alah eme hampura salah metot”
Ema                 :”Ah teuing ema mah teu haying nyaho.’
Eneng              :”Hayu abah, Ema urang uih we isin ku tatanggi”
Enjingna di bumi.
Ceu Titi           :”Punteun, Assalamualaikum…”
Eneng              :”Waalaikum salam…Aya naon nya?”
Ceu Mega        :”Ari abah sareng ema na aya?”
Eneng              :”Aya, mangga atuh calik heula, ke sakeudapnya”
Torojol Ema sareung abah.
Ema                 :”Eh awewe ganjeun rek naon kadieu? Reng ngagoda si abah deui?”
Neng Irna        :”jadi jelema teh ulah sok neangan pinapsueun batur wae atuh”
Ceu Titi           :”Geus-geus jempe heula, ayeuna mah urang bereskeun masalahna kucara damai”
Cau Mega        :”Enya! Sok atuh Neng Irna geura jelaskeun naha bet bisa duaan jeung si abah?”
Neng Irna        :”Kieunya Ibu-ibu, abdi sareung abah teh nuju aya bisnia. Abdi teh gaduh kebon , ngan teu aya un ngurus, teras abdi teh miwarang abah melakan kebon abdi , ke hasilna di bagi dua”
Abah               :”Heueh ema, kitu caritana teh”
Ceu Mega        :”Kan ayeuna mah jeulas masalahna”
Ceu Titi           :”Inti masalahna mah salah sangga we lah”
Ema                 :”Hampuranya Neng”
Neng Irna        :”Muhun Ibu wios teu nanaon”
Eneng              :”Tah kan ayeunamah, adem ayeum… matak ge ema ulah sok sasangkaan awon ka batur teh”
Ema                 :”Enya eneng, insya allah ayeuna mah moal”
Abah               :”Ceuk abah ge kalem we da di un hate bah mah ngan ukur aya ema”
Ema                 :”Gandeng abah ah era”
              Si abah jeung si Ema teh akur deui we, jeung di desa eta ge janteun adem ayeum.





1 comment:

  1. terimakasih sudah membaca blog saya...
    hatur nuhun ka sadaya, anu tos maca.
    arogatou gozaimasu... :)

    ReplyDelete